Está en la página 1de 4

CARITA PONDOK

Kompetensi Dasar
3.7 Memahami dan mengidetifikasi struktur, unsur, dan aspek kebahasaan carita pondok
4.7 Menanggapi nilai-nilai carita pondok dengan memperhatikan unsur-unsur intrinsik, struktur teks, serta aspek
kebahasaan.
Tujuan Pembelajaran
Setelah selesai mempelajari materi pada bagian ini, peserta didik diharapkan dapat mrmahami struktur dan unsur
kebahasaan carita pondok serta dapat menanggapi nilai-nilainya dengan memperhatikan unsur-unsur intrinsik.

A. Bacaan
Carita pondok sok disingget carpon nyaéta salasahiji karangan wangun lancaran (prosa). Sateuacan medar
ngeunaan carpon, pék baca carpon dihandap!
KAMOCÉNG
Keur marud bari ngumbar lamunan, ronghéap anakna datang. Bangun anu kacida capéna, gék diuk dina korsi
réyod.
"Ku naon Apul, jiga nu tas lumpat jauh, tas olahraga?" ceuk indungna. Tapi Apul teu ngajawab, kalah ka
neuteup kosong bangun jauh pani neungan.
"Ku naon? Indungna panasaran.
"Ma... engké mah nyaan rék milu ngamén jeung kang Ocid! Pokna.
"Ngamén? Gerendeng Mirah, indung Apul kahudang sedihna, rumasa teu mampuh nyenangkeun si anak
yatim anu ngan hiji-hijina. Bapana Apul, Subandi maot kacilakaan di Ciparagé Jaya Karawang basa Apul kakara
ngorondang. Parahuna tikelebuh.
Ti saprak ditinggalkeun ku salakina, Mirah nuturkeun pamanna ka Bandung, nya nepi ka ayeuna ngeusian
sosompang nu geus nyanggéyéng di Paratag. Ari pamanna, sataun ka tukang miang ka Kalimantan, trasmigrasi
sepotan, sabada diajak ku sobatna.
Hirup di Bandung karasana ku Mirah teu béda jeung tumpak parahu kosong, diangkleung-angkleung ku
lambak anu tampolana leuleuy, tapi remenna mah otah. Saenyana Mirah geus boga rencana arék nyusul pamanna milu
trasmigrasi ka Kalimantan. Ngadagoan keur ongkosna, cenah arék dikirim ku pamanna. Rék néangan sugan jeung
sugan di lembur anyar anu nurutkeun pamanna, jauh ka sintung kalapa, tapi di dieu urang bisa nyampeur poé-poé anu
ti baheula jadi angen-angen saréréa.
"Nya Ma, isukan rék ngamén téa?" sora anakna ngagebah lamunan.
"Oh... ngamén téa? Naha kitu bantuan ti Pa Husin kurang kénéh Jang?"
"Ma, Bapa Husin téh rék pindah ka Madiun!", hulu angen Mirah ngadadak urug, ngadéngé katerangan anakna.
"Rék pindah?"
"Ceuk Ibu Husin, engké mah wayahna wé Ibu moal bisa mantuan deui Apul! Kitu cenah Ema", Mirah eureun
marudna, ngahuleng salila-lila. Sup Apul ka kamarna anu ngan sacangkéwok. Di éta kamar Mirah jeung anakna
ngaringkuk saban peuting, disosompangan déngdék, éta anak jeung indung ngukir kahirupanana anu kulawu, malah
ayeuna ngadadak ngabelegbeg hideung. Pa Husin moal méré bantuan deui ka anakna, hartina nutup pantopendidikan
keur anakna nu ngan hiji-hijina. Deudeuh Apul! Rajeun boga bapa angkat, ngan sataun gé kurang. Mirah jumerit ka
Gusti jeroning haténa.
"Nya Ma, urang ngamén wé ayeuna mah, supaya bisa ngawaragadan sakola, mantuan Ema!" Apul keukeuh
ménta idin ka indungna, henteu jiga barudak séjén, sadaékna wé turun ka jalan ngaramén téh.
"Lain ulah, tapi naha sakira ujang bisa?"
"Bisa Ma, bisa pisan!" ceuk budak nu kakara nincak kelas lima SD téh bari kop kana sangu nu diasongkeun
ku indungna, ngahimel dahar. Mirah haténa lir nu diturihan ku hinis, ting berebey getihan, peurih pisan haténa, peurih
kabina-bina. Budak nu keur ngahuap diteuteup pinuh ku kadeudeuh, ngan semet deudeuh da pakeun mah euweuh. Da
puguh gé sangu téh kasebutna wé sapiring, ari eusina mah satengah gé kurang, atuh gancang pisan béakna. Teu ménta
tambah da nyahoeun, si Ema geus teu bogaeun deui sangu.
"Ma, abi rék ka kang Ocid nya Ma!” Léos Apul ninggalkeun indungna. Keur kitu celuk-celuk Ma Rawi
ngageroan Mirah.
"Keur naon Nyai bangun anu bingung kitu? Bu RW ménta dibantuan nipung béas ketan, boga waktu?"
"Ih, kantenan wé atuh Ma, salsé abdi mah!" rikat Mirah ngajawabna, bari pék bébérés. Ma Rawi téh paraji
kampung anu gedé kamelang ka Mirah jeung anakna. Ongkoh Ma Rawi kapihapén ku pamanna Mirah. Méméh nyusul
ka Kalimantan. Mihapé anak jeung incu, pokna. Mun ngiriman Mirah ogé, sok aya titipan keur Ma Rawi. Cacak
upama euweuh kiriman-kiriman ti Kalimantan mah, Mirah tinangtu hirupna leuwih ripuh ti ayeuna.
"Isukan tabuh opat Nyai ka Ibu RW nya, ayeuna mah keur aya tamu. Sakitu we Ema nepikeun amanat. Aéh
cenah si Apul rék milu ngamén jeung si Ocid?"
"Nya, kahayang budak alusna anteur wé heula, mana kitu bisa ngajaga diri. Bari tetep kudu ditalingakeun
mah!" ceuk Ma Rawi.
"Ingsya Allah Ema!", ceuk Mirah.
Rék magrib kakara kurunyung si Apul balik bari héhéotan.
"Ema... Ema... moal tulus ngamén da abi mah, arék meresihan mobil wé jiga mang Damsyik."
"Meresihan mobil kumaha Ujang?" Mirah teu ngartieun, disangkana budak téh rék buburuh di tempat
ngamandian mobil, atawa di sorum atawa di béngkél. Kumaha atuh sakolana?
"Di jalan seperti biasa, seperti nu ngamén. Ceuk kang Ocid, nu ngamén mah loba teuing, mending meresihan
mobil, engké dibéré kamocéngna!" Oh... kitu, gerendeng Mirah bari gék diuk dina korsi réyod gigireun anakna.
"Tapi ké Jang, kapan ujang mah budak, ari mobil jarangkung, meureun roroésan. Ceuk Ema mah mending
ngamén!"
"Tuh Ema mah, kamari ngamén ulah, ayeuna meresihan mobil entong. Kumaha engké wé lah!" ceuk Apul
bari kojéngkang ka pangkéng, ka luar deui nyoléndangkeun sarung, léos ka masigit anu teu jauh ti imahna.
Ngamén meresihan mobil sarua baé di jalan. Kacipta ku Mirah di parapatan barudak tingberetek muru mobil
anu areureun lantaran lampu setopan beureum. Nu kurangpaham jeung teu nyaho mah sakadaékna sarantang-
serenteng ka jalan, najan lampu stopan téréh héjo deui. Tah dina waktu kieu bahayana téh, deukeut kana picilakaeun.
Tapi Apul... ah, Apul mah budak pinter budak soléh, tangtu bisa ngajaga diri, pinter maca kaayaan, gerentes haté
Mirah.
Isukna balik sakola rada telat, tapi kurunyung bari héhéotan némbong-némbongkeun kamoceng.
"Tah ieu kamocéng téh, Ma!" pokna bari némbong-némbongkeun kamocéng weuteuh. Kang Ocid
ngamodalan.
"Jadi, nyaan rék meresihan mobil?"
"Ema, da ceuk Kang Ocid gé meresihan asal wé, da waktuna gé ngan sakeudeung, asal napel wé kamocéng
kana kaca mobil, bérés!"
"His, atuh teu meunang kitu, Ujang mah kudu digawé nu bener, kudu tanggung jawab. Ema embung lamun
cara gawéna ukur napelkeun kamoceng kana kaca mobil" ceuk indungna. Apul seuri.
"Nya lah, abi mah arék digawé anu bener!" pokna bari héheotan.
Isukna balik sakola dahar los ka masigit, teu ka imah deui. Mirah kamemelangan, tuluy ngintip ka parapatan. Bener,
bener anakna aya keur ngajanteng wé dina garis pamisah jalan di tengah. Disérangkeun ti kaanggangan, bener
ngagugu, digawéna enya-enya. Ocid gé milu ningalikeun. Mun ka barudak séjén ménta bagéan, ka Apul mah teu
ménta, karunya budak yatim pokna téh. Malah tampolana ku Ocid sok dibéré peresénan. Atuh saban poé
beubeunangan lumayan budak téh. Borolo dipasrahkeun ka indungna. Carinankdak indungna ngitung duit ladang
késang anakna anu bener-bener budak kénéh, tacan waktuna milu mikiran bangbaluh hirup.
Sapoé-sapoéna Apul setor ka indungna, aya sapuluh rewu pérak aya lima welas rewu pérak, ari keur ramé mah
bisaeun ngumpulkeun tepi ka dua puluh réwu, tapi rada langka.
Sabulan dua bulan waragad sakolana katutupan tina ladang ngaberesihan mobil di jalan. Mirah muji sukur ka
Gusti anu parantos maparin jalan ka anakna, anu parantos masihan kasolehan ka Si Yatim. Tapi jeroning kitu,
tipepereket Mirah neneda sangkan énggal dikaluarkeun tina katunggaraan, sangkan anak kadeudeuhna henteu
ngagalandang deui di jalan seserebetan ngudag mobil nu eureun di stopan.
"Ema... Ema... ayeuna mah kang Ocid ménta sapuluh rebu unggal poé keur nyewa jalan!" Apul ngagebah lamunan.
"Kumaha Ujang?"
"Kang Ocid ménta duit sapuluh rebu keur nyéwa jalan" gerendengna bari nyoroko kana lahunan indungna,
paromanna sedih.
"Euh... ménta bagian? Keun wé atuh ujang, kapan Kang Ocid ngajaga Ujang di jalan”
"Ema... Ema... ceuk Onas, ceuk Éwo, ceuk Opé, ceuk Pa Damsyik, Kang Ocid meres!”
"Ulah goréng sangka!"
"Lebar Nya Ema, sapuluh rebu ku kang Ocid. Mun beubeunanganana lima puluh rébu mah teu nanaon, poé
ieu ngan meunang dua belas rebu, Kang Ocid sapuluh, béak...!" Lewa-lewe, hiung ceurik, ku indungna ditangkeup
diusapan, diceungceurikan.
"Keun wae anaking, kapan Ema ogé dipaparin ku Ibu RW, engké ku Ema dijejegan deui, jep... jep..." Apul-
cengkat neuteup indungna, cimata murubut maseuhan pipina.
"Ema ari jalan anu saha kitu Ema?", budak nanya sorana dareuda.
"Anu urang saréréa, anu Ujang ogé!"
"Naha kudu nyéwa ka Kang Ocid?"
"Meureun jaga kaamanan. Enggeus ulah dipikaran deui. Upama karasana ku Ujang beurat, eureun baé atuh,
ulah di jalan deui. Kapan cenah ku Marebot Suyud diajakan di Masigit", Apul masih neuteup indungna, unggeuk bari
seuri.
"Di buruhan kitu ku Mang Marebot?"
"Ibadah" indungna ngagerendeng. Huleng... ibadah, gerendengna.
Sora adan ngalanglaung ti masigit, Apul ngarawél sarung.
"Ema, abi rék ka Mang Marébot ah!" indungna unggeuk. Haté Mirah ngajerit maratan langit, "Gusti... wiat
pun anak!"
Kamocéng nu ngagolér na korsi réyod kop ku Mirah dicokot, diusapan, ditangkeup pageuh, geus kitu pék
digantungkeun dina paku, diteuteup, bet nurihan haté. Bari nyusutan cipanon. Leos ka cai.
Biasana balik sakola ucul-ucul, léos ka masigit. Balik ti masigit kakara dahar. Geus kitu kakara amitan ka
indungna rék ka jalan. Apul mah teu wawuheun kana kecap ulin, sabab ti poé ka poé téh dieusian ku gawé. Méméh
turun ka jalan mantuan heula indungna ngirim-ngirimkeun dagangan ka warung-warung nu dareukeut. Mirah
sapopoéna nyieunan kadaharan, kayaning nagasari, leupeut jero oncom, goréng peuyeum, kitu wé kadaharan nu
marurah. Dititipkeun ka warung nu dareukeut. Selang-selang tina usaha leuleutikan, sok bunta-bantu ka nu butuh,
seseringna mah di bumi Ibu RW, Ibu RT atawa di bumi Ibu Juang, anu sapopoéna katingal sibuk pisan, cenah mah
carogéna téh pejabat. Nu penting keur Mirah boga keur mantu-mantu waragad hirup sapopoé. Jeung sok aya
beubeunanganana. Ayeuna katulungan ku rejeki budak. Sok lelenyapan Mirah mah mun ras ka anakna nu sarabat
serebet di jalan ngudag mobil.
Jigana mémang rada hésé ninggalkeun jalan téh keur Apul mah, sabab geus karasa nulung bantuna. Tapi
haténa anu baruntak kana sikep Ocid, ngagegejeg nitah mundur ti jalan. Apul bingung, naha kang Ocid jadi tégaan
kitu, da tadina mah bageur pisan. Teu sadar budak téh. Ocid nu matana ciga heulang awaseun pisan kana kamekaran
Apul anu saban poé meunang duit gedé Najan beubeunangan saeutik, kudu waé dirampas satengahna mah éta téh.
Haté Apul ngageremet. Tapi niat mundur ti jalan manéhna téh tacan bisa dilaksanakeun baé, léos deui ka jalan
néangan rezeki halal.
Jam satengah satu ninggalkeun imah, biasana satengah genep geus ngaronghéap balik deui, da embung
ninggalkeun solat di masigit. Tapi harita babaturana geus baralik, Apul mah teu acan kadéngé héhéotan di buruan.
Mirah lol deui lol deui nénjoan anakna. "Ka mana ari Apul?" gerendengna.
Di jalan kendaraan keur meujeuhna antay-antayan, maréma keur budak jalanan mah, ogé keur Apul leutik.
Beretek ka hareup, geus aya nu migawé, serenteng ka sisi, éta gé geus ku batur, serenteng ka tengah deui. Aya mobil
sédan weuteuh pulas bodas, tapi rék pel pisan kamocéng kana kaca mobil budak digebah ku nu nyupiranana.
"Ulah... ulah kaca mahal, yeuh duitna wé," pokna ngasongkeun duit saratus pérak, duit murag ku Apul rék
dicokot, lampu setopan warna héjo ujug-ujug hurung deui.
"Apul...!" Ocid gogorowokan. Budak nguliwed ka tukang, Apul kasuntul ku mobil ti tukang, Apul
kasuntrungkeun ka hareup jedak..., tapi awakna napel kana sédan nu supirna méré duit saratus pérak. Apulkadempét,
ngan sakali kakuping sorana ngajerit....Emaaa!"
Ocid ngajleng ka jalan, mobil-mobil disetop."Aya budak... aya budak...!" Ocid gogorowokan, leungeunna
pakupis, jalma-jalma anu nyaksian tingjarerit. Getih ngabayabah tengah jalan, sédan bodas nu mahal kacana,
kacéprétan getih Si Leutik.
Mirah dipapagkeun ku pulisi ka rumah sakit, jumerit jeroning haté ka Gusti, neda dipaparin kakiatan
enggoning nampi puncak cocobi.
Kana kamocéng nu digugulung jeung gambaran Si Anaking anu napel dina jajantung. Kamocéng nu jadi
marga lantaran budak turun ka jalan. Kamocéng nu jadi marga lantaran budakna bisa neruskeun sakola, tapi kamocéng
ogé anu jadi marga lantaran Si Anaking, Apul Leutik ngaleupaskeun nyawa kadempét ku dua sédan méwah nu mahal
kacana.

B. Pedaran
Carita pondok (carpon) téh wangun karangan dina basa lancaran (prosa). Upama ditilik tina wangunna mah,
carpon téh sarua jeung dongeng. Bédana carpon mah eusina henteu ngandung unsur nu pamohalan, tapi napak dina
kanyataan hirup sapopoé.
Disebut carpon téh lantaran mémang caritana pondok. Sanajan kitu, ari lalakonna mah tamat sacaritaeun.
Lebah ukuran pondokna, aya nu ngukur ku jumlah kecapna nyaéta antara 5.000-10.000 kecap. Aya ogé anu
ngukur ku waktu macana, nyaéta kurang leuwih saparapat jam upama dibaca nepika réngsé téh.
Kajadian-kajadianna ogé dina carpon mah ditétélakeun saperluna baé, henteu nyosok jero. Kajadian anu
dicaritakeunana ilaharna museur kana kajadian utama. Lian ti éta, anu dicaritakeunana ogé hal-hal anu penting
dipikanyaho ku nu maca. Atuh jalan caritana henteu loba pungkal-péngkolna saperti dina novel. Kitu deui para
palakuna tara loba-loba. Malah teu saeutik carpon anu palakuna ngan saurang. Anu matak sakapeung mah watek-
watek palakuna ogé teu kagambar kalawan gembleng kawas dina novel. Pangna kitu téh lantaran kahéngkér ku carita
anu “kudu pondok” téa.
Ilaharna pangarang sok ngagunakeun palaku “kuring” atawa “manéhna”.
Carpon kaasup kana prosa fiksi nyaéta karangan ciptaan, hartina lain kajadian saenyana, sanajan diréka saperti anu
enya-enya kajadian.
Carpon miboga unsur-unsur sakumaha ilaharna prosa fiksi lianna, saperti dongéng jeung novel anu ngawengku
téma (jejer), palaku, latar, alur, jeung amanat.
1. Téma disebut ogé jejer nyaéta inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu kagambar dina karyana.
Pikeun nangtukeun hiji téma, urang kudu maca carita sagemblengna.
2. Palaku atawa tokoh carita nyaéta ngaran-ngaran anu ngalalakon dina carita. Loba saeutikna palaku gumantung
kana kabutuh caritana baé. Umumna palaku dina carpon leuwih saeutik tibatan palaku novel. Dumasar kana
kalungguhan dina carita palaku téh aya nu disebut palaku utama, palaku kadua, jeung palaku tambahan. Sanajan ukur
ciciptaan (fiksi) palaku téh hirup sakumaha ilaharna manusa biasa. Diantarana baé boga kahayang jeung pasipatan
(karakter) anu tangtu.
3. Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. Latar tempat nuduhkeun di mana kajadianana, ari
latar waktu nuduhkeun iraha kajadianana.
4. Alur atawa plot nyaéta runtuyan kajadian anu ngawangun jalan carita. Cara midangkeunana diluyukeun jeung
tujuan anu hayang dihontal ku pangarang. Kaasup nangtukeun heula pandeurina hubungan kajadian nu hiji jeung
kajadian séjénna.
5. Amanat téh nyaéta pesen pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca. Amanat téh aya nu nyamuni (implisit)
dina alur carita, aya anu dibéjakeun langsung. Pikeun nganyahokeun amanat hiji carita, urang kudu maca éta carita
nepi ka réngsé. Aya kalana amanat téh raket patalina jeung jejer caritana.

C. Pangaweruh Basa
Kecap panganteb nyaéta kecap pikeun ngantebkeun bagian kalimah anu dipentingkeun. Anu kaasup kecap
panganteb nyaéta: téh, mah, baé, ogé/gé, waé/wé, deuih, kénéh, téa.
Conto larapna dina kalimah:
1. Kuring téh rék meuli cau di Pasar Ciawitali
2. Kuring mah moal milu ka Purwakarta
3. Kuring baé anu indit ka Kuningan mah.
4. Kuring ogé isukan arék ulin ka Curug Orok.

También podría gustarte