Está en la página 1de 1

SAJARAH LETUSAN GUNUNG GEDE

Assalamualaikum wr, wb. Sim kuring dina waktos ieu bade medalkeun carita Sajarah Letusan Gunung Gede. Kieu tah dongengna teh Dina taun 1747 Gunung Gede bitu, eta bituna gunung teh kacida pohara. Saeunggeus eta gunung bitu aya dua wahangan laharna palid tina kawah larang nu ngahasilkeun cai panas. Saparantos bitu mah eta gunung teh siga anu kulem tibra pisan, nulamina langkung ti saratus taun. Dina jam 03.00 peuting taun 1840 henteu diduga-duga, eta gunung teh bitu deui, meuni pohara, sorana ngabeledug diteruskeun ku gempa bumi, jeung awan atawa haseup panas kaluar ngaguruh turun ti ponclot gunung. Tapi awan panas eta eureun samemeh nepi ka kebon raya Cibodas. Sapada harita batu-batu kabeubeutkeun sing keleyeng kaluhur. Diantara eta batu-batu, aya hiji batu anu kacida gedena, kabeubeutkeun ka Cibeureum, anu ngabalakarkeun liang gede jeung jero. Bulan Desember 1840 katinggali aya seneu jeung lebu, cahaya tina kawah. Balukar tina gunung eta bitu, leuweung jeung tatangkalan nu aya wewengkon eta kabeh paeh. Ti taun 1957 eta gunung Gede jeung Gunung Pangrango teh sapertos raksasa nu kulem tibra pisan. Ceuk beja kolot baheula mah, Gunung Gede jeung Gunung Pangrango teh carita awalna mah kieu, aya hiji aki-aki anu miboga elmu kasaktian nu pernah hirup di Cikundul. Bapana hiji menak/pamingpin di pamarentahan di jaman Walanda di Cianjur, nu katelah eyang dalem Cikundul. Anjeuna gaduh garwa anu kacida geulisna teras gaduh putra dua nu hiji lalaki, wastana Eyang Suryakancana, ari anu awewe wastana Dewi Sukaesih. Dina hiji weungi, eyang dalem Cikundul gugah kumargi ngadangu garwana nu nuju kerek bari ngaluarkeun suanten anu aneh. Saparantos ditinggali eta garwana teh nyaeta hiji jin anu boga kasaktian jeung kakuatan. Akhirna eyang Dalem Cikundul ngirimkeun garwana ka tempat asal tapi masih dihegwaekeun ngasuh kadua putrana Dina hiji isuk eyang dalem Cikundul mendakan garwana parantos teu aya atanapi ngaleungit katut putrana anu dua, ceuk carita rakyat mah putra nu istri dijadikeun panunggu Gunung Pangrango, aria nu lalaki dijadikeun panguasa di Gunung Gede. Ceug dugi kadieu

También podría gustarte