Está en la página 1de 1

Teks Biantara Basa Sunda Tema Pendidikan Wasta : Rizki Puji Gustian Kelas XII IPA 4

Assalamualaikum Wr Wb Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun ka kahidarat allah swt nu parantos masihan mangrebu-rebu nikmat, nikmat islam, nikmat iman , sareng nikmat sehat. Teu hilap salawat sareng salam hayu urang haturkeun ka Nabi agung, Nabi Muhammad SAW ka kulawargana, kasobatna tug mugi ka urang salaku umatna. Ammin ya rabbal alaamin. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat. Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara th lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Ammin. Maksad sim kuring di ieu tempat teh bade nerangkeun hiji materi anu temana tentang beasiswa nu ayeuna nuju resep-resepna dijadikeun bahan obrolan tiap-tiap siswa SMAN 2 Kuningan, khususna kelas XII anu bade ngalanjutkeun kana perguruan tinggi. Beasiswa teh nyaeta dana atawa fasilitas anu dipasihan ku pamarentah atawa aya deui anu dipasihan ku instansi-instansi sejenna anu gunana pikeun ngabantu urang dina dana administrasi kuliah. Aya oge beasiswa anu dipasihan ka siswa atawa mahasiswa ku negara sejen tapi persyaratanna urang kudu aya kahayang dina diajar bahasa negarana. Kunaon sim kuring di ieu kasempetan ngulas masalah besiswa ? Ku sabab kelas XII ayeuna teh geus ngagaduhan titel ISO jadi urang sadaya teh kudu ngabuktikeun kumaha kaayaan jeung kemampuan urang di dunia nasional jeung dunia internasional. Contona bae SMAN 2 Cirebon anu parantos ngagaduhan titel ISO leuwih awal ti SMAN 2 Kuningan, tiap taun ngirimkeun sababaraha muridna kanggo ngalanjutkeun studi atawa ngalanjutken perguruan tinggina di luar negri. Urang sadaya teh tong sampe katinggaleun, kudu tiasa ngejar tong sampe jadi sakola anu katinggaleun sagala informasi jeung teknologi na. Alhamdulillah saminggu katukang sim kuring nerima hiji informasi nyaeta 3 siswa SMANDA meunang beasiswa ti tilu negara anu eusi beasiswana nyaeta ngalanjutken kuliah 4 tahun jeung sagala biayana ditanggung ku negara pengirim beasiswa. Tilu siswa eta teh nyaeta ; Adam Maulana ditawarkeun beasiswa kanggo ngalanjutkeun ka Australia, Moh. Enjom ditawarkeun beasiswa kanggo ngalanjutkeun di Ethiopia, sareng nu terakhir nyaeta Rizki Puji Gustian ditawarkeun beasiswa kanggo ngalanjutkeun di Jepang. Ku kituna semoga hiji hal ieu teh tiasa dijadikeun motivasi kanggo ngejar cita-cita urang. Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun. Wassalamualaikum Wr Wb

También podría gustarte